
Bulan Nyeungseurikeun Lyrics
Bulan Nyeungseurikeun - Darso
Written by:Dose Hudaya
Kunaon teu dijauhan
Godaan kalah dikeukeupan
Ngadon maen api
Ngarajut cinta nu pamali
Maen rasa jeung maen hate
Salingkuh karasa endah
Pikiran kapoekan
Hate jiga kaparabunan
Rasa cinta anjeun
Rasa sayang anjeun
Ngaleor karebut cinta saliwat
Bulan nyeungseurikeun
Jiga nu mupuas kuring
Tingal panon cireumbay
Ngan nyurucud teu katahan
Bulan ulah ngaleos
Baturan kuring bagadang
Ngararasakeun kanyeuri
Anu nyiksa ngahanteum batin
Bere bongbolong
Bere awahan
Kumaha ngubaran peurihna hate
Maen rasa jeung maen hate
Salingkuh karasa endah
Pikiran kapoekan
Hate siga kaparabunan
Rasa cinta anjeun
Rasa sayang anjeun
Ngaleor karebut cinta saliwat
Bulan nyeungseurikeun
Jiga nu mupuas kuring
Tingal panon cireumbay
Ngan nyurucud teu katahan
Bulan ulah ngaleos
Baturan kuring bagadang
Ngararasakeun kanyeuri
Anu nyiksa ngahanteum batin
Bere bongbolong
Bere awahan
Kumaha ngubaran perihna hate