Lirik Leungiteun
Asa henteu pernah kabayangkeun
Diri bakal nandangan tunggara
Anjeun nu tos lami diantosan
Naha ku naon henteu aya mulih
Naon atuh kalepatan diri
Naha naon dosa-dosa abdi
Nepi ka anjeun téga ninggalkeun
Diri abdi leungiteun puntangan
Kamana atuh kamana
Kamana panutan rasa
Teunteuingeun
Téga teu aya ras-rasan
Ho-wo
Di mana atuh di mana
Di mana anjeun ayana
Naha anjeun teu émut kanu ngantosan
Naon atuh kalepatan diri
Naha naon dosa-dosa abdi
Nepi ka anjeun téga ninggalkeun
Diri abdi leungiteun puntangan
Kamana atuh kamana
Kamana panutan rasa
Teunteuingeun
Téga teu aya ras-rasan
Ho-wo
Di mana atuh di mana
Di mana anjeun ayana
Naha anjeun teu émut kanu ngantosan
Naha anjeun teu émut kanu ngantosan
Komentar untuk Leungiteun (37)
regot kopi na dulur.sadayana
👍👍👍
asa ka gagas hayang balik ka lembur nepungan ka bebene anu kapungkur.....
ah meni hoream ey
salam santuy wanci kie

Meni nyeredet kana manah....
meni asa waras ah...
pas tembang teh merenah tumaninaj tut ngalageunah
kamana atuh kang meni teu aya kbrna,,,,😥😥😥
aduh kagagas wktu katukang..
kamana mantan th